Tag Archives: Nehemia

Nehemia 1

1:1 Ieu laporan Nehemia bin Hakalya tina hal anu dilampahkeun ku anjeunna. Mangsa kadua puluh taun Artahsasta jadi raja Persia, dina bulan Kislew, waktu sim kuring aya keneh di ibukota Susan,
1:2 dulur sim kuring anu ngaran Hanani ti tanah Yuda, datang jeung baturna sababaraha urang. Sim kuring nanyakeun kaayaan Yerusalem jeung dulur-dulur sasama urang Yahudi anu marulang ti pangbuangan di Babul.
1:3 Jawabna, dulur-dulur nu rahayu bisa marulang ka lemah cai teh keur katarajang susah gede, turug-turug dihina ku tatangga-tatanggana bangsa-bangsa sejen. Tembok kuta Yerusalem angger ancur, gapura-gapurana ti barang tas aya nu ngahuru acan diomean deui.
1:4 Meunang beja kitu, brek sim kuring diuk bari ceurik. Meunang sababaraha poe sim kuring teu dahar-dahar acan, prihatin teu leungit-leungit. Seug neneda ka Allah,
1:5 “Nun GUSTI, Allah Sawarga! Gusti teh agung sareng matak gimir! Gusti pengkuh nyepeng perjangjian ka sugri anu nyaah sareng ngestokeun timbalan-timbalan!
1:6 Tingali nun PANGERAN, sareng dangukeun ieu paneda abdi siang sareng wengi tina perkawis umat Gusti, bangsa Israil. Abdi rumaos, urang Israil teh gaduh dosa ka Gusti. Kitu deui karuhun-karuhun sareng abdi pribadi oge gaduh dosa.
1:7 Doraka, ngabaha ka Gusti, teu tumut kana timbalan. Henteu tigin kana papakon-papakon anu ku Gusti ditetepkeun pikeun abdi sadaya ku perantaraan Musa, abdi Gusti tea.
1:8 Tangtos Gusti emut, Gusti parantos nimbalan kieu ka Musa, ‘Maraneh Israil, upama henteu satia ka Kami, tan wande dipabalencarkeun ka bangsa-bangsa sejen.
1:9 Tapi upama tarobat sarta ngagugu kana timbalan Kami, najan keur pabalencar nepi ka tungtung jagat oge, tan wande dipulangkeun ka tempat anu ku Kami geus dipilih geusan ngabakti ka Kami.’
1:10 Nun PANGERAN, eta teh sadayana abdi-abdi Gusti, umat Gusti ku manten, kenging Gusti ngajait ku pangawasa sareng kadigjayaan anu langkung-langkung agungna.
1:11 Mugi kersa ngadangu kana panyambat abdi, sareng kana panyambat sugri anu sumeja ngamulyakeun ka Gusti, mugi-mugi abdi mendak kurnia ti raja, dikabulkeun panuhun.” Kitu paneda sim kuring. Harita sim kuring teh jadi juruladen leueuteun prabu.

Leave a comment

Filed under Perjanjian Lama

Nehemia 2

2:1 Opat bulan ti harita, dina hiji poe waktu Raja Artahsasta tuang, sim kuring nyanggakeun leueuteun. Katingalieun sim kuring nguyung tara-tara ti sasari.
2:2 Seug anjeunna mariksa, “Nguyung-nguyung teuing, ku naon? Da lain ari gering mah. Tangtu keur boga kasusah.” Sim kuring mani ngagebeg,
2:3 pok unjukan, “Mugi Kangjeng Raja wilujeng sapapaosna. Kumaha jisim abdi bade kiat nahan kasesah, reh lembur tempat makam karuhun parantos bukrak-bakrek, gapura-gapurana seep aya nu ngahuru.”
2:4 Prabu mariksa deui, “Cik, kumaha kahayang maneh?” Bari sasambat ka Allah Sawarga,
2:5 sim kuring unjukan ka raja, “Madak Gusti Sang Raja kersa ngabulkeun, abdi nyuhunkeun diwidian mulang ka lembur, ka tanah Yuda, tempat pasarean karuhun, sumeja diwangun deui.”
2:6 Raja, anu harita digedeng ku prameswari, nyaluyuan kana iraha rek balik deui. Ku sim kuring diunjukkeun pililaeunana.
2:7 Sim kuring nyuhunkeun deui kurniana, nyuhunkeun serat keur para gupernur di Eprat Kulon, sangkan aranjeunna ngidinan sim kuring ngajugjug tanah Yuda.
2:8 Oge nyuhunkeun serat keur ka Asap kawasa leuweung karajaan, sangkan maparin kai keur bahan panto-panto benteng Bait Allah, pikeun kuta jeung pikeun piimaheun sim kuring. Berkah ti Allah, sagala panuhun sim kuring ku raja dikabul.
2:9 Raja miwarang sapasukan serdadu kuda jeung sawatara perwirana, dipiwarang maturan sim kuring ka Eprat Kulon. Serat ti raja ku sim kuring disanggakeun ka gegeden-gegeden di dinya.
2:10 Tapi Sanbalat, ti desa Bet Horon, jeung Tobia, hiji pajabat ti propinsi Amon, ngadarenge yen aya jelema datang rek digawe pikeun kapentingan urang Israil teh kacida arambekeunana.
2:11 Ti dinya sim kuring terus ka Yerusalem. Geus tilu poe di dinya,
2:12 tapi pikarepeun sim kuring ka Yerusalem anu geus diilhamkeun ku Allah, acan diomongkeun ka sasaha. Tengah peuting eta sim kuring kaluar, dianteur ku sawatara urang. Sato keur tutumpakan ngan aya hiji-hijina, kalde nu ditumpakan ku sim kuring wungkul.
2:13 Kaluar ti kota teh peuting keneh, bijilna ti Gapura Lebak di beulah kulon. Terus maju ka kidul ka Gapura Jarian, ngaliwatan Pancuran Naga, bari nengetan kuta anu geus arurug jeung lawang-lawang anu geus lebur urut ngahuru.
2:14 Nepi ka sisi kota beulah wetan, mengkol ka kaler arek ka Gapura Pancuran jeung ka Empang Raja. Tapi ku sabab jalanna pinuh ku nu pagalituk, kalde teu manggih tincakeun.
2:15 Ku sabab kitu sim kuring terus mudun ka Lebak Kidron bari nengetan kuta. Geus kitu balik deui ka urut tadi, terus asup deui ka jero kota ti Gapura Lebak.
2:16 Tas ti mana jeung tas naon sim kuring, gegeden di dinya taya nu terangeun saurang-urang acan. Nepi ka harita, sim kuring acan nyarita naon-naon ka sasama urang Yahudi oge, boh ka imam-imam, boh ka para pamingpin jeung gegeden-gegeden, atawa ka sing saha bae anu engkena baris marilu ngabantu kana pagawean.
2:17 Nyarita-nyarita teh ayeuna. Kieu carek sim kuring ka maranehna, “Pohara pikangeneseunana kaayaan urang teh. Yerusalem jadi bukrak-bakrek, gapura-gapurana lebur! Urang jieun deui kuta teh, sangkan urang lubar tina kaayaan hina.”
2:18 Satuluyna sim kuring nyarita yen geus meunang pangjaring jeung pitulung Allah. Timbalan raja tea dicaritakeun ka maranehna. Ku maranehna ditema kieu, “Hayu urang geura prak mimitian!” Seug maranehna tatan-tatan.
2:19 Eta paniatan kadengeeun ku Sanbalat jeung Tobia, jeung ku hiji urang Arab anu ngaranna Gesyem. Seug maranehna nyeungseurikeun bari pokna, “Rek boga pamaksudan naon maraneh teh? Rek barontak ka raja?”
2:20 Dijawab ku sim kuring, “Ku pitulung Allah Sawarga, paniatan kuring pasti bukti. Kuring, abdi-abdi Mantenna, ayeuna rek mimiti barang gawe ngadegkeun. Sabalikna aranjeun teu boga hak atawa milik naon bae di Yerusalem, sarta dina adat istiadat ieu kota, aranjeun teu boga bagian.”

Leave a comment

Filed under Perjanjian Lama

Nehemia 3

3:1 Ieu laporan hal prak-prakan diomeanana kuta Yerusalem. Imam Agung Elyasib jeung sasama para imam ngadegkeun deui Gapura Domba, panto-pantona dipasang jeung dihususkeun pikeun PANGERAN. Kuta teh diomeanana jeung dihususkeunana nepi ka Munara Saratus jeung Munara Hananel.
3:2 Bagian saterusna dipigawe ku urang Yeriho, ditema ku bagian Sakur bin Imri.
3:3 Gapura Lauk dipigawe ku warga Senaah, balok-balok jeung panto-pantona diterapkeun, lengkep katut sarigsig-sarigsig jeung tulak-tulakna.
3:4 Ti dinya diteruskeun ku bagian Meremot bin Uria incu Hakos, disambung ku bagian Mesulam bin Berekya incu Mesesabel, diteruskeun ku bagian Sadok bin Baana.
3:5 Ti dinya diteruskeun ku urang Tekoa. Tapi pamingpin- pamingpin urang Tekoa mah dibere pagawean kasar ku mandor- mandorna teh nolak.
3:6 Gapura Yesyana dipigawe ku Yodaya bin Paseah jeung Mesulam bin Besoja. Balok-balok jeung panto-pantona diterapkeun, lengkep katut sarigsig-sarigsig jeung tulak-tulakna.
3:7 Ti dinya diteruskeun ku Melaca urang Gibon, Yadon urang Meronot, jelema-jelema ti Gibon jeung ti Mispa, nepi ka semet panglinggihan gupernur Eprat Kulon.
3:8 Ti dinya diteruskeun ku Usiel bin Harhaya, kamasan. Diteruskeun ku Hananya tukang nyieun seuseungitan, nepi ka Kuta Lega.
3:9 Disambung ku Repaya bin Hur, kapala saparo Distrik Yerusalem.
3:10 Diteruskeun ku Yedaya bin Harumap, anu kabagian migawe bagian deukeut imahna keneh. Ti dinya disambung ku Hatus bin Hasabneya.
3:11 Diteruskeun ku Malkia bin Harim jeung Hasub bin Pahat Moab, ditambah ku ngawangun deui Munara Hawu.
3:12 Ti dinya disambung ku Salum bin Halohes, kapala Distrik Yerusalem anu saparo deui, dibarantuan ku putra-putrana anu istri.
3:13 Gapura Lebak dipigawe ku Hanun jeung jelema-jelema urang Sanoa. Panto-pantona dipasang, lengkep katut sarigsig-sarigsig jeung tulak-tulakna, ditambahan ku ngomean kutana sapanjang 440 meter nepi ka semet Gapura Jarian.
3:14 Gapura Jarian dipigawena ku Malkia bin Rehab, kapala Distrik Bet Kerem. Panto-pantona dipasang, lengkep katut sarigsig-sarigsig jeung tulak-tulakna.
3:15 Gapura Pancuran dipigawe ku Salum bin Kolhose, kapala Distrik Mispa. Jalan paranti asupna dihateupan, panto-pantona dipasang, lengkep katut sarigsig-sarigsig jeung tulak-tulakna. Kuta gigireun taman raja oge, lebah Empang Sela, diomean nepi ka semet tangga anu mudun ti Kota Daud.
3:16 Ti dinya disambung ku Nehemia bin Asbuk, kapala Distrik saparo Bet Sur nepi ka makam Daud, terus nepi ka semet empang jeung tangsi.
3:17 Urang Lewi anu kabagian ngomean sababaraha bagian kuta, nya eta: Rehum bin Bani, ngomean sabagian. Diteruskeun ku Hasabya, kapala Distrik saparo Kehila, ngawakilan distrikna.
3:18 Ti dinya disambung ku Bawai bin Henadad, kapala Distrik Kehila anu saparo deui.
3:19 Bagian anu di hareupeun gudang pakarang nepi ka pojok anu mengkol, diomeanana ku Eser bin Yesua, kapala di Mispa.
3:20 Ti dinya nepi ka semet lawang buruan bumi Imam Agung Elyasib, diomeanana ku Baruk bin Sabai.
3:21 Ti semet eta nepi ka tungtung bumina Elyasib, diomeanana ku Meremot bin Uria incu Hakos.
3:22 Para imam anu marilu ngomean kuta nya eta: Para imam anu di sakurilingeun Yerusalem.
3:23 Binyamin jeung Hasub ngomean bagian anu di payuneun bumina. Ditema ku Asaria bin Maaseya putu Ananya, ngomean bagian anu di payuneun bumina.
3:24 Binui bin Henadad ngomeanana ti semet bumi Asarya nepi ka pojok kuta.
3:25-26 Palal bin Usai ngomeanana ti semet pojok eta jeung ti tonggoheun munara karaton, deukeut gardu jaga. Pedaya bin Paros ngomeanana ti semet eta nepi ka tungtung wetan deukeut Gapura Cai jeung munara jaga Bait Allah, deukeut tempat anu ngaran Opel, pamatuhan kuli-kuli Bait Allah.
3:27 Urang Tekoa kabagian ngawangun mimiti ti bagian anu pahareup-hareup jeung munara gede paranti jaga Bait Allah, nepi ka kuta deukeut Opel.
3:28 Ti semet eta, ti semet Gapura Kuda ka kaler, digarap ku sawatara urang imam, bagian hareupeun imahna masing-masing.
3:29 Sadok bin Imer kabagian ngagarap anu di hareupeun imahna. Bagian saterusna digarap ku Semaya bin Sekanya, tukang jaga Gapura Wetan.
3:30 Hananya bin Selemya jeung Hanun, anak Salap anu kagenep, ngagarap bagian saterusna, kadua kalina. Ditema ku Mesulam bin Berekya, ngagarap anu di hareupeun imahna.
3:31 Ti semet eta ka dituna digarap ku Malkia, kamasan, nepi ka wawangunan anu diparake ku kuli-kuli Bait Allah jeung ku tukang-tukang dagang, semet Gapura Mipkad, palebah loteng kuta di juru anu nyanghareup ka beulah kaler jeung wetan.
3:32 Bagian anu panganggeusan, nya eta ti semet juru loteng tea nepi ka Gapura Domba, dipigawena ku kamasan-kamasan jeung tukang-tukang dagang.

Leave a comment

Filed under Perjanjian Lama