Tag Archives: Wahyu

Wahyu 1

1:1 Ieu kitab medar wahyu ti Allah ka Yesus Kristus ngeunaan perkara-perkara anu geus meh kajadian, supaya ku Anjeunna ditembongkeun ka abdi-abdi-Na. Kristus ngutus malaikat-Na nembongkeun ieu wahyu ka Yohanes, abdi-Na.
1:2 Yohanes medar sagala titingalianana anu diebrehkeun ku Yesus Kristus, nya eta amanat Allah jeung perkara-perkara anu sayaktina.
1:3 Bagja anu maca ieu kitab, anu ngadenge ieu ucapan nubuat sabda Allah, jeung ngimankeun ka sakur anu ditulis dina ieu kitab! Sabab sakur anu diwahyukeunana teh geus tereh bukti.
1:4 Dulur-dulur di tujuh jamaah di wilayah Asia! Kaula Yohanes. Mugia dulur-dulur dipaparin rahmat rahayu ti Allah, Allah nu keur aya, nu geus aya, jeung nu aya saterusna, jeung ti tujuh roh anu aya di hadirat tahta Allah,
1:5 jeung ti Yesus Kristus, Saksi anu satia, Putra cikal, anu pangheulana digugahkeun tina maot, panguasa raja-raja saalam dunya. Kristus teh asih ka urang, pupus-Na teh ngajait urang tina dosa,
1:6 sarta urang dijadikeun hiji karajaan imam-imam anu kumureb ka Allah, Panutan jeung Rama Anjeunna. Kaagungan, kakawasaan, kasanggakeun ka Yesus Kristus salalanggengna! Amin.
1:7 Tenjo, Kristus geus sumping dina mega! Bakal katembong ku saban jalma, kaasup jalma-jalma anu numbak ka Anjeunna. Jelema saalam dunya bakal tingkoceak nenjo Anjeunna. Geus pasti!
1:8 “Kami teh Nu Awal jeung Nu Panutup,” dawuhan Pangeran, Allah Nu Maha Kawasa, nu aya, nu geus aya, nu aya saterusna.
1:9 Kaula Yohanes dulur aranjeun, panganut Yesus, batur tabah dina kasangsaraan anu kasorang ku sakabeh warga Pamarentahan Allah. Kaula aya di pulo Patmos keur dibuang, lantaran ngembarkeun sabda Allah jeung perkara-perkara anu sayaktina anu diebrehkeun ku Yesus.
1:10 Dina Poean Gusti, kaula kapurba ku Roh Allah, ngadenge anu sasauran ti tukangeun, gentrana tarik kawas sora tarompet, kieu:
1:11 “Tetenjoan maneh tuliskeun, bukuna kirimkeun ka tujuh jamaah di Epesus, Semirna, Pergamus, Tiatira, Sardis, Piladelpia, jeung Laodikea.”
1:12 Kaula malik hayang nenjo anu sasauranana. Kaula ningal tujuh suku lampu emas.
1:13 Di antara eta barang aya hiji wujud anu siga manusa, nganggo jubah panjang ngangsar kana sampeana-Na, harigu-Na nganggo beulitan emas.
1:14 Rambut-Na bodas kawas kapas atawa kawas salju, soca-Na hurung siga seuneu,
1:15 sampeana-Na gilap kawas tambaga beunang nyaling, gentra-Na sada guruhna curug.
1:16 Panangan tengen-Na nyepeng tujuh bentang, tina baham-Na bijil pedang anu dua seuseukeutna. Raray-Na moncorong lir srangenge keur manceran.
1:17 Bruk kaula ngarumpuyuk kana sampeana-Na, ngalumbuk kawas nu paeh. Anjeunna nyabak ka kaula ku panangan tengen bari ngalahir, “Ulah sieun! Ieu Kami, Nu Awal jeung Nu Panutup.
1:18 Kami teh anu jumeneng. Kami geus paeh, tapi ayeuna Kami hirup salalanggengna. Kami kawasa kana paeh jeung ka tempat nu paraeh.
1:19 Tuliskeun sakur anu katenjo, boh nu ayeuna boh nu bakal kajadian sanggeusna.
1:20 Kieu harti rasiah ieu tujuh bentang dina leungeun katuhu Kami jeung ieu tujuh suku lampu emas: Tujuh bentang hartina tujuh malaikat ti tujuh jamaah, tujuh suku lampu hartina tujuh jamaah.”

Leave a comment

Filed under Perjanjian Baru

Wahyu 2

2:1 “Tulis pikeun malaikat jamaah di Epesus: Ieu amanat ti nu nyekel tujuh bentang dina leungeun katuhu, anu leumpang di antara tujuh suku lampu emas.
2:2 Kami nyaho kumaha panggawe maneh. Maneh geus banting tulang jeung sakitu mantepna. Kami nyaho, jalma-jalma jahat ku maneh tara dibere ampun, anu ngaku-ngaku rasul ku maneh didoja sarta kaboker yen lain rasul.
2:3 Maneh sabar, geus nandangan sangsara ku karana Kami tapi tetep mantep.
2:4 Tapi Kami aya cawadeun ka maneh, sabab maneh geus teu nyaah ka Kami cara keur anyaran.
2:5 Maneh geus pohara tibeubeutna! Geura tobat, kudu milampah deui cara keur basa mimiti. Lamun teu tobat tina dosa, suku lampu anu di maneh ku Kami rek dicokot tina tempatna.
2:6 Tapi maneh aya keneh alusna, sabab maneh ceuceub kana tingkah laku para panganut Nikolaus anu ku Kami dipikaceuceub.
2:7 Ku sabab kitu lamun enya boga ceuli, regepkeun kumaha dawuhan Roh Allah ka jamaah-jamaah! Sing saha nu unggul, ku Kami rek dibere ngadahar buah tangkal kahirupan nu aya di Taman Allah.”
2:8 “Tulis pikeun malaikat jamaah di Semirna: Ieu amanat ti Nu Awal jeung Nu Panutup, nu geus nyorang ajal jeung nu geus hirup deui.
2:9 Kami nyaho kalaraan maneh. Kami nyaho maneh teh miskin tapi saenyana beunghar! Kami nyaho maneh digogoreng ku jelema-jelema anu ngaku urang Yahudi padahal lain, saenyana mah umatna Iblis!
2:10 Ulah sieun ku kasangsaraan anu bakal kasorang. Dengekeun! Maraneh bakal digoda ku Iblis, maraneh sawareh rek dijeblos-jebloskeun ka panjara. Eta kasangsaraan lilana sapuluh poe. Sing tetep satia ka Kami sanajan kudu nepi ka ajal, tan wande ku Kami diganjar hirup anu sajati.
2:11 Ku sabab eta, lamun enya mah boga ceuli, regepkeun kumaha dawuhan Roh Allah ka jamaah-jamaah! Sing saha nu unggul, moal keuna ku siksaan maot anu kadua.”
2:12 “Tulis pikeun malaikat jamaah di Pergamus: Ieu amanat ti nu nyangking pedang anu dua seuseukeutna.
2:13 Kami nyaho di mana padumukan maneh, nya eta di tempat Iblis ngageugeuh. Tapi maneh tetep satuhu ka Kami. Malah basa Antipas saksi Kami nu satia dipaehan dihareupeun maneh di eta enggon Iblis ngawasa, maneh tetep henteu miceun kapercayaan maneh ka Kami.
2:14 Tapi Kami aya kateupanuju saeutik, sabab di maraneh aya jelema-jelema anu nganut paham Balhum anu mamatahan ka Balak tea sina nyasabkeun urang Israil dititah ngadalahar sasajen anu disuguhkeun ka brahala jeung dititah patemon cabul.
2:15 Nu sawareh deui nganut pangajaran Nikolaus.
2:16 Eta dosa geura piceun! Lamun henteu, Kami arek buru-buru datang, numpes anu karitu ku pedang tina baham Kami.
2:17 Ku sabab kitu, lamun enya boga ceuli, regepkeun kumaha dawuhan Roh Allah ka jamaah-jamaah! Sing saha nu unggul, ku Kami rek dibere ngadahar manna gaib. Jeung masing-masing rek dibere batu bodas nu diukiran ku hiji ngaran anyar nu moal aya nu nyaho, salian ti anu narimana.”
2:18 “Tulis pikeun malaikat jamaah di Tiatira: Ieu amanat ti Putra Allah, anu socana hurung kawas seuneu, anu sampeana-Na kawas tambaga disangling.
2:19 Kami nyaho panggawe maneh. Kami nyaho kanyaah maneh, kasatiaan maneh, pangabdian maneh, jeung kasabaran maneh. Kami nyaho eta kabeh dilakonan ku maneh leuwih ti basa keur anyaran.
2:20 Tapi Kami aya kateupanuju, sabab awewe nu ngaran Isebel, anu ngaku-ngaku jadi utusan Allah ku maneh disabaran bae. Loba abdi Kami anu geus sasab ku pangajaranana, ngalalampahkeun patemon cabul, jeung ngadalahar sasajen anu disuguhkeun ka brahala.
2:21 Si Isebel ku Kami geus ditempoan sina tobat, tapi teu tobat-tobat, tetep bae nyieun kaaeban.
2:22 Ku sabab kitu ku Kami rek dibantingkeun kana pangedenganana, sarta anu lalacur ka manehna sina narandangan kanyeri anu taya papadana, sarta rek dijalankeun ayeuna keneh ku Kami, kajaba lamun tarobat teu marilu deui jahat jeung eta awewe.
2:23 Panganutna kabeh rek dipaehan, supaya jamaah-jamaah nyaraho yen Kami teh anu nyaho kana pikiran jeung angen-angen tiap manusa. Unggal jalma ku Kami rek dibales satimpal jeung lampahna.
2:24 Tapi maraneh nu sejen-sejenna di Tiatira, henteu kabawa ku eta pangajaran jahat, teu mariku diajar elmu anu disebut ‘rasiah-rasiah Iblis anu jarero’. Kami jangji moal nambah kasusah nanaon deui.
2:25 Tapi kudu teguh kana iman nu ayeuna nepi ka Kami datang.
2:26-28 Sakur nu unggul, anu ngalampahkeun pangersa Kami nepi ka tutug, rek dibere kawasa sakumaha kawasa anu katarima ku Kami ti Ama Kami, nya eta kawasa murba ka bangsa-bangsa, kawasa marentah jeung ngagitik maranehna ku iteuk beusi datang ka bubuk kawas pariuk remuk. Jeung rek dibere bentang pajar.
2:29 Ku sabab kitu, lamun enya baroga ceuli, regepkeun kumaha dawuhan Roh Allah ka jamaah-jamaah!”

Leave a comment

Filed under Perjanjian Baru

Wahyu 3

3:1 “Tulis pikeun malaikat jamaah di Sardis: Ieu amanat ti nu kagungan tujuh Roh Allah jeung tujuh bentang. Kami nyaho panggawe maneh. Kami nyaho yen maneh teh kasebutna bae hirup, da saenyana mah maneh teh paeh!
3:2 Geura nyaring! Sing pageuh nyangking anu masih keneh kapimilik meungpeung can mudedes pisan. Sabab pagawean maneh di payuneun Allah Kami kasampak heunteu sampurna.
3:3 Sing inget kana amanat anu diajarkeun ka maneh, kumaha piwurukna. Turutkeun, tuluy tobat. Lamun maneh heunteu nyaring, moal nyaho kana pidatangeun Kami, saperti moal nyaho pidatangeun bangsat.
3:4 Sukur di maneh di Sardis aya keneh saeutik jelema-jelema anu ngajaga pakean maneh tetep beresih, jadi maneh layak leumpang jeung Kami make pakean bodas.
3:5 Sing saha nu unggul, bakal make pakean kitu bodasna, jeung ngaranna ku Kami moal dicoret tina kitab catetan anu harirup, bakal diangken yen kagungan Kami di hadirat Ama Kami jeung para malaikat-Na.
3:6 Ku sabab kitu lamun enya boga ceuli, regepkeun kumaha dawuhan Roh Allah ka jamaah-jamaah!”
3:7 “Tulis pikeun malaikat jamaah di Piladelpia: Ieu amanat ti nu suci jeung saestu, anu nyekel konci Daud; panto anu enggeus dibuka ku Kami moal aya anu bisa meundeutkeun; panto anu geus dipeundeutkeun ku Kami moal aya anu bisa muka.
3:8 Kami nyaho panggawe maneh; Kami nyaho tangga maneh teu sabaraha; Kami nyaho maneh nurut kana piwuruk Kami, satia ka Kami. Maneh ku Kami geus dipangmukakeun panto, pantona moal aya anu bisa nutupkeun.
3:9 Dengekeun! Di maneh aya jelema-jelema umatna Iblis, anu ngaku-ngaku urang Yahudi padahal lain. Ku Kami rek dipaksa daratang ka maneh, sina nyium suku maneh. Sina nyarahoeun kabeh yen maneh teh anu dipikanyaah ku Kami.
3:10 Ku sabab maneh tagen jeung tigin kana parentah Kami, Kami ge rek ngajaga ka maneh, supaya maneh luput tina kasukeran anu bakal narajang ka alam dunya pikeun nguji kapengkuhan manusa.
3:11 Kami teh tereh datang. Sakur anu geus beunang ku maneh cekel sing pageuh, supaya ganjaran kaunggulan maneh ulah aya anu ngarebut.
3:12 Jelema anu unggul ku Kami rek dijadikeun ibarat hiji tihang baitna Allah Kami sarta moal ngiser deui ti dinya. Dirina rek diukiran ku jenengan Allah Kami jeung ngaran kota panglinggihana-Na, nya eta Yerusalem anyar, anu bakal turun ti sawarga, ti Allah Kami. Kitu deui ngaran Kami anu anyar rek diukir dina dirina.
3:13 Ku sabab kitu lamun enya boga ceuli, regepkeun kumaha dawuhan Roh Allah ka jamaah-jamaah!”
3:14 “Tulis pikeun malaikat jamaah di Laodikea: Ieu amanatna Amin, Saksi anu satia jeung satuhu, anu ngagelarkeun sakabeh ciptaan Allah.
3:15 Kami nyaho panggawe maneh; Kami nyaho maneh teh teu tiis teu panas. Mending tiis, atawa panas!
3:16 Ku sabab hareuyheuy, panas henteu tiis henteu, maneh ku Kami rek diburakeun!
3:17 Ceuk maneh: ‘Aing beunghar, senang sagala boga.’ Padahal maneh teh masakat, pikawatireun! Muluntu, taranjang, lolong!
3:18 Ku sabab kitu geura meuli ti Kami emas tulen, supaya beunghar. Geura meuli ti Kami pakean bodas, pikeun mungkus awak anu taranjang, ngerakeun. Geura meuli ti Kami peureuh mata, peureuhkeun sangkan maneh bisa nenjo.
3:19 Anu ku Kami sok diseukseukan jeung diwarah, tandaning dipikanyaah. Ku sabab kitu sing saregep, geura tobat.
3:20 Ieu Kami geus ngetrokan panto. Anu malire kana sora Kami jeung muka panto, tangtu ku Kami dicalikan Kami rek milu dahar di imahna babarengan.
3:21 Saha-saha anu unggul ku Kami rek dibawa diuk ngarendeng dina tahta Kami, cara Kami sanggeusna unggul diuk gedengeun Ama Kami dina tahta-Na.
3:22 Ku sabab kitu lamun enya boga ceuli, regepkeun kumaha dawuhan Allah ka jamaah-jamaah!”

Leave a comment

Filed under Perjanjian Baru